Si Jago Di Terminal

sanggeus miang di tempat jamu.
di tengah-tengah terminal si jago pépédéngkréngan
bari leumpang kokoloyongan.
tato cacing keur ngahakan munding
ditembongkeun ka jalma-jalma hareupeunana
da rék niat néang tambahan keur nenggak inuman
nu geus béak dua puteran.

“uang keamanan. sarébu éwang! sarébu éwang!
ceuk si jago bari nyekék botol héjo intisari
supir angkot, supir damri, katut para padagang
kurat-kerot. sabot neuteup panon si jago popolotot.
sok sanajan rada sieun mun si jago geus nyampeurkeun ménta roko.


hiji pamuda api-api teu ningali abus ka jero damri.
“héh anjing! dasar sia mah kebo!”
ceuk si jago ka pamuda nu ngagandeuang sakahayang.
“turun siah anjing turun!” hoak si jago dina biwir panto damri
“lah, arék ogé sia anu naék!” jawab pamuda bari nompo dina jandéla.

nu dariuk nu daragang pada-pada kecang-kecing
sabada kapireng leungeun si jago ngabotol panto
nu méh pareng sesemplékna keuna ka dada hiji wanoja.

kolot -budak patingjalerit, lalumpatan kasieunan
talurun muru angkot jurusanna séwang-séwang.
“aya naon-aya naon?!” tanya supir ka para panumpang
nu pagelek-gelek dina lawang .
“tuh di ditu dina damri si jago maéhan pemuda!”
ceuk hiji wanoja bari sepa roman beungeutna.
“buru-buru indit mang. mun teu indit tangtunna giliran
emang nu bakal digunasika!” omong nu séjénna.

mobil jeung mobil ngadak-ngadak paantay-antay
pada-pada nilar terminal. sabudeureun sora sahéng jalma reujeung
jalma nu padedet dina jero-jero angkot.
“tong waka indit pir! nangka kuring dina karung katinggaleun!!”
ceuk aki-aki bari ngagedor dina bangku pangtukangna.

“tinggalkeun waé ki, tinimbang aki nu dipaéhan ku si jago!”
ceuk supir kana spion sabot panumpangna
pada-pada silih pelong.


teu kungsi lila isukna di televisi
aya berita kajadian hiji préman dipaéhan ku sabubuhan
aparat jalan nu sok mindeng pupurelengan néwak
mangsa kandaraan nu teu maké tutup péntil.
alatan ngamuk ngaburak-barik saban jalma di terminal.
layonna dikuburkeun bareng jeung layon-layon jalma
nu kabeuleum tina kacilakaan mobil-mobil nu tabrakan.
cenah gara-gara pinuh teuing ku panumpang
mangsa nilar hiji terminal.

2006

0 komentar: