Si Jago Di Terminal

sanggeus miang di tempat jamu.
di tengah-tengah terminal si jago pépédéngkréngan
bari leumpang kokoloyongan.
tato cacing keur ngahakan munding
ditembongkeun ka jalma-jalma hareupeunana
da rék niat néang tambahan keur nenggak inuman
nu geus béak dua puteran.

“uang keamanan. sarébu éwang! sarébu éwang!
ceuk si jago bari nyekék botol héjo intisari
supir angkot, supir damri, katut para padagang
kurat-kerot. sabot neuteup panon si jago popolotot.
sok sanajan rada sieun mun si jago geus nyampeurkeun ménta roko.


hiji pamuda api-api teu ningali abus ka jero damri.
“héh anjing! dasar sia mah kebo!”
ceuk si jago ka pamuda nu ngagandeuang sakahayang.
“turun siah anjing turun!” hoak si jago dina biwir panto damri
“lah, arék ogé sia anu naék!” jawab pamuda bari nompo dina jandéla.

nu dariuk nu daragang pada-pada kecang-kecing
sabada kapireng leungeun si jago ngabotol panto
nu méh pareng sesemplékna keuna ka dada hiji wanoja.

kolot -budak patingjalerit, lalumpatan kasieunan
talurun muru angkot jurusanna séwang-séwang.
“aya naon-aya naon?!” tanya supir ka para panumpang
nu pagelek-gelek dina lawang .
“tuh di ditu dina damri si jago maéhan pemuda!”
ceuk hiji wanoja bari sepa roman beungeutna.
“buru-buru indit mang. mun teu indit tangtunna giliran
emang nu bakal digunasika!” omong nu séjénna.

mobil jeung mobil ngadak-ngadak paantay-antay
pada-pada nilar terminal. sabudeureun sora sahéng jalma reujeung
jalma nu padedet dina jero-jero angkot.
“tong waka indit pir! nangka kuring dina karung katinggaleun!!”
ceuk aki-aki bari ngagedor dina bangku pangtukangna.

“tinggalkeun waé ki, tinimbang aki nu dipaéhan ku si jago!”
ceuk supir kana spion sabot panumpangna
pada-pada silih pelong.


teu kungsi lila isukna di televisi
aya berita kajadian hiji préman dipaéhan ku sabubuhan
aparat jalan nu sok mindeng pupurelengan néwak
mangsa kandaraan nu teu maké tutup péntil.
alatan ngamuk ngaburak-barik saban jalma di terminal.
layonna dikuburkeun bareng jeung layon-layon jalma
nu kabeuleum tina kacilakaan mobil-mobil nu tabrakan.
cenah gara-gara pinuh teuing ku panumpang
mangsa nilar hiji terminal.

2006

Dugem leuweung

lampu kucap-kiceup di luhur para diskotik
lir cika-cika nu hantem pésta lantéra
di palagon band rémix ngagedurkeun musik house
ka ceuli-ceuli manusa nu pada hayang ieu aing pangpunjulna.

jeb!ajeb!ajeb!ajeb!ajeb!ajeb!ajeb!
beuki peuting lalampahan beuki jauh
saban leungeun tinggarayang muru pasir,
muru cangkéng, muru imbit terus nyarangsang
dina reuma-reuma dada.

pamaén hitar bari diharudung kupluk biru
puputeran gigireun pingping artis séksi nu papakéanan
beureum seuneu. naékeun eusining napsu
ka para manusa nu tambah lila harusu baruka baju.

2006

Dina Sajak Nu Ngalingling

indit beurang datang peuting, datang beurang indit
peuting. kasimpé. ti poé ka poé taya kendatna
ngucurkeun kakangen haté. tapi kuring di dieu ukur bisa
neuteup anjeun ti kajauhan. dina waktu demi waktu dina
datangna usum hujan.

leuleuweungan beuki hieum, ngudag heulang, meulah
wahangan. bréh tutugan jalan ka lembur, katumbiri
sumirat ngaweuhan méga,
nu horéng di dinya dinya kénéh urang tepung
di pupunclut sirah jempling. dina mangsa anjeun imut
nunjuk bulan ku pangambung.

dina waktu demi waktu, dina bulan nu paselang
jeung taun. di dieu saéstuna kuring teu bisa nyumputkeun sepi.
éarna sora hujan tina kenténg kana susukan, kawas
lajuna kahirupan_kamari jeung isukan. dada kuring di dieu kebek ku sesedek.


tapi kalangkang jeung ringkang anjeun gugudug deui
ka dieu. lir sora padungdengan nu hayang pameunang-meunang.

di dieu dina batin nu kagebug, kuring
nafakuran deui kalangkang anjeun sok sanajan hawa
hujan tambah hieum.

2008

Élianovéra

neuteup ringkang gelenyu bulan nu kumalayang dina simpé, angin peuting bet ngadak-ngadak ngageterkeun limitna sora kasono, sedeng ciibun nu anteng ngusapan rambut, lalaunan ngamalirkeun hariwang wangkongan urang na teuteup taya warnaan

élia, di dieu batin kuring ngagali-gali langit ngagali-gali gunung, antara hideung jeung caang, geuning anjeun langgeng nyaliara na embun-embunan, ngalalana jeroeun sukma lalayaran maheutkeun tuturus-tuturus batin

élia, di ditu di puseur dayeuh
anjeun teu kudu geruh ngojayan salasar-salasar purnama
majang-majang bangkarak jukung, nebarkeun pucuk-pucuk
nu ngarancik di padataran dada, komo bari jeung tatanggahan nyiar bulan na jeblogna tarang, ngeundeuk-ngeundeuk eusi angen nu tétéla kalah nyangcang kahariwang majar sieun “palita urang bakal kakalicesan katiup halimun peteng”.

élia, peuting ieu bulan kuring paheut mukakeun rebuan kecap, kakeueung anjeun lebah jandéla nu dikemu
marakbakna lampu kota, keur karembangan na amparan
batu-batu pasaréan, arimut na puseur tineung ngaribing dina dahan dina daun dina riak-riakna cai walungan, malah mandar nyariuman biwir-biwir pasir
nu medemkeun kakangen lebah telengna angen.

2006

Paésan Keur Isukan

ti poé ka poé urang teu kendat
ngukur-ngukur lahan paésan
sedeng kembang-kembang can kungsi
ditata lebah mana pipanteseunana

“naha batu gunung atawa batu gawir
tetengger pakuburan?”

sajajalan horéng urang jéjéngkéan
muru liliuh pangbalikan na asih asiwung
jeung boéh nu langgeng gegeroan.

2006

Aksara

ajarkeun apa, kuring aksara-aksara bebeneran
sangkan jaga bisa méré pangharepan
keur kaadilan nu maruragan

ajarkeun ema, kuring aksara-aksara hak jeung batil
sangkan bisa ngabeuntakeun panon-panon
nu curaling mawa ringkang sangsara urang

ajarkeun kuring aksara-aksara kahirupan jungjunan.
sabab geus parek bangbaluh nu ngabakutet tulang iga
ngajirim aweuhan takbir nyangkalak na saban rénghap.

2004

;;