Dugem leuweung

lampu kucap-kiceup di luhur para diskotik
lir cika-cika nu hantem pésta lantéra
di palagon band rémix ngagedurkeun musik house
ka ceuli-ceuli manusa nu pada hayang ieu aing pangpunjulna.

jeb!ajeb!ajeb!ajeb!ajeb!ajeb!ajeb!
beuki peuting lalampahan beuki jauh
saban leungeun tinggarayang muru pasir,
muru cangkéng, muru imbit terus nyarangsang
dina reuma-reuma dada.

pamaén hitar bari diharudung kupluk biru
puputeran gigireun pingping artis séksi nu papakéanan
beureum seuneu. naékeun eusining napsu
ka para manusa nu tambah lila harusu baruka baju.

2006

1 komentar:

Liezmaya mengatakan...

sarae kang sajakna, lalampahan barudak ngora ayeuna...tos nyaliara oge geuning ka leuweungnya :D

mugia urang sanes salah sawiosna.

salam pangwanoh ti www.sunda.liezmaya.web.id